Conto Pancaraken :
Aseupan: dijieun tina awi, biasana digunakeun pikeun nyeupankeun sangu.
Ayakan: dijiun tina awi, pikeun ngala lauk atawa pikeun ngayak
Baki: dijieun tina awi atawa beusi. Paranti ngawadahan gelas atawa keler mun keur susuguh
Bakul: dijieun tina awi, paranti wadah beas atawa sangu.
Baskom: dijieun tina kaleng/alumunium. Paranti wawadahan, beas, sangu, dahareun jsb
Boboko: dijieun tina awi, paranti wadah sangu
Cecempeh: dijieun tina awi, paranti napikeun beas atawa moe kadaharan
Centong: dijieun tina kai, paranti nyiuk sangu (*biasa oge dipake pikeun ngakeul sangu)
Centing: dijieun tina taneuh, paranti wadah uyah
Cewo: dijieun tina taneuh beureum. Paranti meuleum uyah guruntulan supaya lemes
Coet jeung Mutu: dijieun tina taneuh atawa batu.Paranti nyambel
Cukil: dijieun tina kai atawa awi.Paranti nyiuk sangu
Cumbung: dijieun dina awi.Paranti wadah sangu dinu kariaan
Didingklik/jojodog:dijieun tina kai.Paranti diuk di hareupeun hawu
Dingkul: atawa bodag/boboko gede:paranti wadah sangu atawa wadah beas
Dulang jeung Hihid: dulang dijieun tina kai.Paranti ngakeul (ngarih) jsb.Hihid dijieun tina awi, paranti ngahihidan sangu jsb).
Emuk jeung Cangkir: dijieun tina seng/kaleng.Paranti wadah cai
Gayung/siwur:dijieun tina batok kalapa.Paranti nyiuk cai tina buyung
No comments:
Post a Comment